Suku Sunda nyaeta salah sahiji suku etnis anu aya ti Indonesia asalna ti palih kulon pulo Jawa, Indonesia, di tungtung kulon pulo Jawa dugi kasapalih Jawa Tengah. 65% nu nyicingan Jawa Kulon nyaeta Suku Sunda anu mangrupa kawit propinsi ieu.
Kabudayaan sunda mangrupa salah sahiji kabudayaan sunda anu sumber kakayaan pikeun Indonesia anu kudu dimekarkeun sing langgeung.
Ampir sadaya jalmi Sunda ngagem agama Islam. Ngan sapalih alit anu henteu ngagem agama Islam, nanging ka ayeunakeun atos seer jalmi luar anu cicing di suku sunda anu ngagem agama Katolik,Kristen,Hindu,Budha. Praktek-praktek sinkretisme sarta mistik dipigawe keneh ku saetikna jalmi suku sunda, sabab ayeuna mah atos lebet kana zaman globalisasi zaman modern saetikna atos teu percaya kana spiritual . Dina dasarna sakumna kahirupan jalmi Sunda ditujukeun kanggo miara kasaimbangan alam semesta. Kasaimbangan sosial dipertahankeun kalawan kagiatan silih masihan (gotong royong) anu jadi cirina orang sunda. Perkawis anu metot dina kapercayaan Sunda ,nyaeta carita Lutung Kasarung, oge tina sajarah zaman baheula nyaeta Raden Kiang santang jeung nu sejenna. salah sahiji inohong budaya sunda, anu percanten kaayaanana Allah anu Tunggal anu nitiskeun sapalih dirina ka jero dunya kanggo kahirupan jalmi jeung aherat anu kekal.
Suku Sunda seseeurna hirup tina pepelakan atawa tani. Lolobana urang sunda henteu resep merantau atawa hirup pisah jeung kolotna sadudulur. Minangka ti eta maranehanana sadaya hirup sasasarengan saterasna, sabab urang sunda mah cintana ka lembur sorangan tibatan ka lembur batur mending ripuh di lembur sorangan tibatan kudu senang di lembur batur. Nanging aya deui anu ngajak sanak keuarganya kanggo mios sasarengan ka dayeuh ageung tempat anjeunna cicing, biasana urang sunda anu nikah ka urang dayeuh ageung.
Kasenian sunda mangrupa ti kokolot sunda.
Sisingaan nyaeta hiji rupi kasenian tradisional atawa seni pintonan rahayat anu dipigawe kalawan arak-arakan dina wangun hajatan. Pintonan na dawam dipidangkeun dina acara khitanan atawa acara-acara husus sepertos,ngabageakeun tatamu,hiburan peresmian,kagiatan HUT Kamerdikaan RI sarta kagiatan anu ageung lianna.
Sarta tarian tradisional suku sunda nyaeta jaipong,ibing jaipong biasana di ayakeun dina acara-acara pernikahan atawa acara-acara ageung anu di ayakeun ku pemeritahan. Tarian ieu dipakeusep ku balarea sunda. Aya oge kasenian adu domba anu aya di Kota garut nyaeta kasenian turun- tumurun. Kota garut katelahna kota Priangan Timur di tatar Pasundan, oge katelah kota dodol .
Kalolobaan jalma Garut nyaéta Sunda jeung ngagunakeun basa Sunda salaku basa indung na basa sapopoé. Sunda kasohor silaturahmi na, someahna. Bahasa dipaké dibagi kana tilu bagian, nyaéta kasar, Lemes, sarta basa pikeun sasama. Contona abdi, keur basa kasar aing mah, lemesnya hamba / simkuring, sarta basa pikeun sasama nyaeta urang. Urang sunda mah teu weleh dina tungtung cariosan mun keur ngobrol atawa nyarios make wae tatambah nyaeta mah, atuh, da, euy.
Conto kadaharan atawa oleh – oleh Garut geys kasohor nyaeta Dodol garut, kurupuk kulit atawa dorokdok garut, burayot, sarta seueur keneh. Garut oge ngabogaan Souvenir atawa Cendramata kerajinan orang sunda anu kenging panangan jalmi – jalmi urang sunda atawa garut, misakeun wae Jeket Kulit, sapatu kulit, dompet kulit, kantong sarta aksesoris ti bahan kulit nu lianna, batik garutan sarta pakakas lagu tradisional kawas angklung , gendang, sarta suling.
Komentar
Posting Komentar