Langsung ke konten utama

Unsur unsur intrinsik Drama Munding Laya Dikusumah, Ciung Wanara, Lutung Kasarung

Unsur Instrinsik Carita Pantun Mundinglaya Dikusumah
Tema : Karajaan
Tokoh :
1. Permaisuri = Bageur,mikanyaah ka karajaan
2. Guriang Tujuh = Bageur,silih asih
3. Prabu Siliwangi = Wibawa,teges,wijaksana
4. Ki Lengser = Bageur
5. Pembantu = Riweuh
6. Sunten Jaya = Egois,julid
7. Tunggang Kalapitung = Jahat
8. Mundinglaya = Bageur,alus budi
9. Nyi Pohaci = Bageur,karunyaan,osok tatahar
Latar :
Latar tempat :
1. Pangberokan Kutabarang
2. Pajajaran
3. Jabaning Langit
4. Leuwi Sipatahunan
5. Leuweung
6. Karajaan Muaraberes
7. Pulo Putri
8. Langit ka 1,ka 2,ka 3,ka 4,ka 5,ka 6,ka 7
9. Tangkal Katapang Nyawang
10. Kahiyangan
11. Pasewakan

Latar waktu :
1. Sababaraha dinten
2. Dina dinten anu tos di tangtoskeun
3. Dina waktos anu harengreng
Latar suasana :
1. Tegang
2. Sedih
3. Bungah
Galur : Campuran
Amanat :
1. Ulah sok timburuan
2. Kudu dipikir heula saacan urang ngalakukeun nanaon
3. Kudu wani ngabuktikeun lamun urang aya di jalan anu bener
4. Kudu sabar dina narimakeun sagala kaayaan
5. Sagala pangorbanan pasti bakal aya wawalesna.


Unsur Intrinsik Drama “ Lutung Kasarung “
Tema : Karajaan

Tokoh : 
1. Prabu Tapa Ageng -> Bageur, jeung Wijaksana
2. Niti Suwari -> Bageur, Wijaksana
3. Purbararang -> Gede ambeuk, Sirik, Sok ngahina, Sok marentah, Tega, jeung Licik
4. Purbaendah -> Gede ambeuk, Sirik, Pipilueun, jeung Licik
5. Purbadewata -> Sirik, Pipilueun, jeung Licik
6. Purbakancana -> Sirik, jeung Pipilueun
7. Purbamanik -> Sirik, Pipilueun , jeung Licik
8. Purbaleuwih -> Bageur, Berehan, jeung sok nulungan
9. Purbasari Ayu Wangi -> Bageur, Sabar, Berehan, Amis budi, Narima kana kaayaan, jeung Gede hampura
10. Guru Minda -> Bageur, Berehan, Amis budi, Sok nulungan, jeung Karunya
11. Sunan Ambu -> Bageur, jeung sok nulungan Guru Minda
12. Paman Lengser -> Bageur, jeung nurutan
13. Aki Panyumpit-> Bageur, Daekan, jeung Henteu sieunan
14. Nini Panyumpit -> Bageur
15. Lutung Kasarung -> Bageur, Berehan, jeung Pipilih ka jelema
16. Pangawal -> Daekan
17. Guriang Kawung Luwuk -> Tiis
18. Aki Aki Kandang / Ki Kuwu -> Bageur
19. Jaksa -> Adil, jeung Bageur
20. Pohaci -> Bageur, jeung Sok nulungan
21. Ki Bagus Lembu Halang / Patih -> Bageur
22. Indra Jaya -> Licik, jeung Gede ambek

Latar : 
1. Tempat -> Nagara pasir bintang, Karaton, Kamar, Gunung cupu, Kahiyangan, Leuweung, Imah aki panyumpit, Saung, Leuwi baranang siang, jeung Alun – alun
2. Waktu -> Enjingna, Isuk – isuk, Sorena, jeung Peuting
3. Suasana -> Sedih, Karunya, Bungah, jeung Tegang

Galur : Maju

Amanat :
1. Kudu sabar dina ngajalankeun sagala masalah nu aya 
2. Ulah putus harepan dina nyelesaikan masalah
3. Ulah sok goreng hate, sirik ka batur da takdir mah atos ditangtukeun
4. Sagala pagawean anu hade pasti walesanna oge bakal hade, sarua jeung pagawean anu goreng pasti walesanna oge bakal goreng atawa leuwih goreng tibatan anu geus dilakukeun. Urang kudu ngalakukeun hal anu hade sangkan walesanana nu ku urang ditarima oge hade.


Unsur Intrinsik Drama “ Ciung Wanara “
Tema : Karajaan 
Tokoh :
1. Raja Permana Dikusuma -> Bageur, Adil, jeung Wijaksana
2. Naganingrum -> Bageur, Sabar, Narima kana kaayaan 
3. Dewi Pangrenyep -> Licik, jeung Goreng hate
4. Mama Lengser -> Bageur, jeung Daekan
5. Arya Kebonan / Raja Galuh Barma Wijaya -> Angkuh, Goreng hate, Gede hulu, jeung Julid
6. Ajar Sukaresi -> Bageur, jeung Sok nulungan 
7. Ahli Nujum -> Bageur
8. Nini Balagatrang -> Bageur, Someah, jeung Nyaahan
9. Aki Balagatrang -> Bageur, Someah, jeung Nyaahan
10. Ciung Wanara -> Bageur, Wanian, jeung Sabar
11. Gulang – Gulang -> Goreng adat
12. Lengser -> Bageur, jeung Karunyaan
13. Aria Banga -> Bageur tapi Goreng adat
Latar :
1. Tempat -> Nagara galih pakuan, Gunung padang, Alun – Alun, Walungan citanduy, Leuweung, Awang – awang, Lembur singkur, Karaton, jeung Sisi walungan
2. Waktu -> Hiji poe, Beurang Peuting
3. Suasana -> Bungah, Sedih, Haru, Karunya, Tegang
Galur : Campuran
Amanat :
1. Kudu sabar jeung narimakeun kana kaayaan
2. Ulah putus harepan dina ngajalankeun kahirupan
3. Ulah goreng sangka ka batur
4. Sagala pagawean pasti bakal aya wawalesannana, boh pagawean hade atawa pagawean anu goreng
5. Tuluy usaha lamun aya kahayang, ulah poho doana diparengkeun
6. Hirup mah kudu loba kawani ulah loba kasieun

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Artikel Suku Sunda

      Suku Sunda nyaeta salah sahiji suku etnis anu aya ti Indonesia asalna ti palih kulon pulo Jawa, Indonesia, di tungtung kulon pulo Jawa dugi kasapalih Jawa Tengah. 65% nu nyicingan Jawa Kulon nyaeta Suku Sunda anu mangrupa kawit propinsi ieu.       Kabudayaan sunda mangrupa salah sahiji kabudayaan sunda anu sumber kakayaan pikeun Indonesia anu kudu dimekarkeun sing langgeung.       Ampir sadaya jalmi Sunda ngagem agama Islam. Ngan sapalih alit anu henteu ngagem agama Islam, nanging ka ayeunakeun atos seer jalmi luar anu cicing di suku sunda anu ngagem agama Katolik,Kristen,Hindu,Budha. Praktek-praktek sinkretisme sarta mistik dipigawe keneh ku saetikna jalmi suku sunda, sabab ayeuna mah atos lebet kana zaman globalisasi zaman modern saetikna atos teu percaya kana spiritual . Dina dasarna sakumna kahirupan jalmi Sunda ditujukeun kanggo miara kasaimbangan alam semesta. Kasaimbangan sosial dipertahankeun kalawan kagiatan silih masihan...